Di jaman nu sakieu modern na jalma - jalma geus loba nu teu apal udak usuk basa sunda. Padahal urang salaku urang sunda,kuduna mah mupujukeun basa sunda. Tapi jaman ayeuna sabalikna malah nu asli urang sunda geus gengsi ngobrol make basa sunda.
Tah dina ieu blog urang salaku urang sunda asli,teu hayang basa sunda teh leungit atawa di pohokeun. Maka na urang salaku peunulis ngajak ka kabeh urang sunda ( nu utamana priangan ). Wang bareng - bareng pajukeun kabudayaan sunda. Ulah eleh ku kabudayaan asing. Geus hese jaman ayeuna manggihan budak nu bisa maen gatrik,pencak silat,calung,angklung,jeung nu sejenna. Tah jaman ayeuna mah budak teh geus paroho kana kabudayaan urang teh. Arapal na teh ayeuna mah playstation.... Ieu teh geus bisa nyirikeun yen bangsa urang geus ka jajah ku bangsa batur.
Mudah - mudah di taun 2009 sing naek deui kabudayaan sunda teh. Urang buktikeun ka bangsa batur urang sunda teh teu bisa ka jajah ku kabudayaan batur.